Kamis, 10 September 2015

Biografi Rerencangan

Pun rerencangan namina Muhammad Reyhan Lavendra. Landian anjeunna nyaeta Rehan. Anjeunna babar di Bogor, 3 Maret 1998. Ayeunna anjeunna umur 17 tahun. Alamat bumi anjeunna di Jl. Kencana Nila Perumahan Duta Kencana 1, Curug Mekar, Semplak. Anjeunna lulusan SDN Curug 3 taun 2009, SMP PGRI 9 taun 2012, SMK Taruna Andigha taun 2015. Ayeuna anjeunna neruskeun kuliah di Universitas Pakuan, jurusan komunikasi. Karesep anjeunna teh nyaeta gagambaran doodle. Anjeunna mun gagambaran doodle teu ngan di kertas hvs, kadang oge di tembok. Nepi ka tembok kamarna oge di gambaran doodle. Olahraga karesep anjeunna teh nyaeta futsal, anjeunna sok rutin futsal sareng rerencanganna anu di SMK. Anjeunna sok nganggo topi warna hideung, kaos oblong, sareng calana levis. 

Biografi Biang

Pun biang namina Aling Julaeha. Landian anjeunna nyaeta Ma Aling atawa Mamah Fajar. Kunaon Mamah Fajar? Ku sabab anjeunna gaduh putra anu namina Fajar. Anjeunna babar di Bandung, kaping 24 Nopember 1963. Ayeuna umur anjeunna 51 tahun. Alamat bumi anjeunna di Jl. Rante Gunungbatu Bogor. Sabumi sareng abdi. Anjeunna teu damel, tapi anjeunna ngadamelan padamelan di bumi sakumaha ibu-ibu biasana. Karesep anjeunna nyaeta karokean dangdut sareng lagu sunda. Lagu sunda anu di pikaresep ku anjeunna judulna teh nyaeta Mawar Bodas. Mun aya acara kawinan, anjeunna osok naek ka panggung tuluy nyanyi di luhur panggung nganggo. Mun anjeunna keur ngarasa bosen, anjeunna sok karokean di bumi nganggo mic sareng speaker. Anjeunna mun di bumi biasa nganggo daster kain. Anjeunna oge jago masak. Emameun anu paling nikmat nu dijieun ku anjeunna nyaeta pepes lauk. 

Biografi Bapa

Pun bapa namina Komar. Landian anjeunna Komar. Singket pisan memangna ge namina. Anjeunna babar di Bandung, kaping 8 Nopember 1957. Ayeuna anjeunna umur 57 taun. Anjeunna pensiunan Kepala Instalasi PDAM Bogor. Alamat bumi anjeunna di Jl. Rante Gunungbatu atawa di daerah Parung. Kunaon kitu? Sabab pun biang sareng pun bapa tos pisah bumi. Ayeuna anjeunna jadi wirausaha sapareng anjeunna pensiun ti PDAM. Anjeunna teh lulusan STM keur baheulana. Karesep anjeunna teh nyaeta mancing lauk. Mun diajakan ku rerencanganna teh sok hayu wae. Anjeunna sok mawakeun abdi lauk emas, atawa gurame pikeun dipasak kanggo emameun abdi sareng lanceuk-lanceuk abdi. Anjeunna osok nganggo peci bodas, kaos oblong sareng calana bahan. Mun anjeunna bade angkat nganggo motor, anjeunna sok nganggo jaket kulit. Anjeunna salah sahiji jalma anu sesah di hubungi. 

Minggu, 30 Agustus 2015

Perjalanan Ka Pantai Ujung Genteng

Kamis, 1 Januari 2015

Abdi angkat ka pantai nu ngaranna Ujung Genteng. Abdi angkat sareng rerencangan abdi sakitar 7 urang. Urang sadayana angkat nganggo motor. Angkat sakitar jam 2 peuting, ku sabab bisi macet akhirna urang sadayana milih jam sakitu. Perjalanan ti Bogor nepi ka Ujung Genteng sakitar 6 jam, teu kabayang basa eta teh carangkeul pisan awak sareng tonggong. Nepi di Ujung Genteng urang sadayana tos bungah ku sabab tos ningali aya pantai di hareupeun soca urang sadayana. Tapi sateuacana ulin di pantai, urang sadayana neangan panginepan kanggo urang sadayana istirahat. Tos kapanggih panginepan, urang sadayana kasarean sadayana. Sampe akhirna, karak hudang jam 7 peuting, ti dinya urang sadayana masak mie kanggo diemam ku sararea. 

Kaisukanana, urang sadayana angkat ka Pulau Penyu nu aya di daerah eta oge. Ku sabab jalan anu urang liwat ancur pisan, Akhirna urang sararea nepi pantai Ujung Gentengna, urang sararea poto-poto, ulinan pasir, ngojay-ngojayan, cipratan-cipratan cai pantai nepi ka lambeuy tos ngarasa asin ku sabab kacaian. Teras saentosna eta urang sararea uih, langsung hiji-hiji gantian ibak. Ku sabab seeur pasir dina awak urang sadayana.

Poe katilu, urang sadayana uih ka Bogor. Sateuacana uih, urag sadayana sasarap nasi uduk di hareupeun panginepan anu dijajakeun ku ibu-ibu nu aya di daerah Ujung Genteng eta. Saentosna selse emam, Abdi, angkat ka Bogor sakitar jam 9 enjing. Perjalanan ti Ujung Genteng nepi ka Bogor salila 10 jam. Ku sabab hujan gede, macet dimana mana. Akhirna nepi ka Bogor peuting sakitar jam 8 peuting.

Senin, 24 Agustus 2015

Senin 24 Agustus 2015

Abdi hudang jam 05.30. Abdi teras sholat subuh langsung mandi. Poe ieu abdi angkat ka sakola sakumaha biasana jam 06.15. Abdi make rok rample poe ieu ku sabab poe ieu abdi upacara. Abdi oge make dasi sareng gesper meh nurutan peraturan nu aya. Nepi sakola jam 06.30 abdi teu kabeurangan, jadina abdi bisa ngiluan upacara. Sakumaha biasana, abdi diajar ti awal pelajaran nepi ka akhir pelajaran. Ti enjing nepi ka sore. Akhirna waktu balik datang oge jam 14.00, abdi langsung balik ka imah ku sabab abdi bade meuli bubur mang mang nu liwat di hareupeun imah abdi sakumaha biasana. Akhirna nepi imah jam 14.35 abdi teu sempet meuli gara gara mang mangna tos liwat saencan abdi nepi ka imah. Ku sabab akhirna abdi mandi, teras langsung emam nu aya di meja makan. Jam 17.45 abdi siap-siap sholat maghrib. Saentosna, abdi langsung nyiapkeun palajaran kanggo isuk. Teras ti eta, abdi ulinan hp sambil nonton tv, jam 22.10 abdi tos tunduh, akhirna abdi sare.

Minggu, 23 Agustus 2015

Minggu, 23 Agustus 2015

Poe ieu abdi hudang jam 9.00. Hudang sare abdi lainna langsung mandi kalakah ngadangukeun musik heula. Ku sabab abdi mager pisan mentang-mentang libur sakola. Tos bosen ngadangukeun lagu abdi meuli pulsa kanggo eusi paket kuota di hp, kanggo ngerjakeun tugas bahasa sunda oge. Akhirna abdi meuli ka deket bumi abdi sakalian jajan pop ice. Nepi imah abdi langsung beberes bumi, sasapu sakalian ngepel. Saberesna eta jam 13.00, abdi teras mandi sakalian nyikat kamar mandi. Ku kituna abdi lila pisan di kamar mandi, nepi kaluar kamar mandi abdi katirisan pisan. Saentosna, abdi langsung emam teu kuat tos leleus pisan atuh da. Saentosna emam, abdi sare beurang. Hudang-hudang sore jam 16.00an abdi langsung ngerjakeun tugas tugas nu sakainget ku abdi. Beres jam 8 abdi langsung emam deui tuluy sare.

Sabtu, 22 Agustus 2015

Poe ieu abdi teu angkat ka sakola, abdi libur sakola tiap poe sabtu. Ku sabab eta abdi karak hudang jam 8.00. Tapi di sakola aya acara ESA, abdi teu ngiluan ku sabab abdi butuh istirahat. Kamari-kamari ieu abdi memang asa teu merenah awak. Hudang sare abdi langsung ngaberesan kamar, teras mandi. Tos selse eta, abdi bingung bade naon. Akhirna abdi  jam 12.00 nonton film, judul film eta teh The Mortal Instrument City Of Bones. Abdi nonton tapi teu beres, ku sabab abdi diajakan ulin ku rerencangan smp abdi. Akhirna abdi mandi teras langsung siap siap. Jam 16.00 abdi angkat ka bumi rerencangan smp abdi nu ngaranna Adis, nepi bumina sakitar jam 17.00 sabab bumina jauh di daerah Ciapus. Abdi ulin di bumina ngan nepi ka jam 20.00. Jam 20.00 liwat abdi uih ka bumi abdi, sabab sieun aya begal di daerah imahna Adis. Nepi bumi, abdi langsung bebersih awak, ganti baju make baju sare, abdi nonton tv sampe akhirna abdi kasarean sakitar jam 21.00.