Kamis, 10 September 2015

Biografi Rerencangan

Pun rerencangan namina Muhammad Reyhan Lavendra. Landian anjeunna nyaeta Rehan. Anjeunna babar di Bogor, 3 Maret 1998. Ayeunna anjeunna umur 17 tahun. Alamat bumi anjeunna di Jl. Kencana Nila Perumahan Duta Kencana 1, Curug Mekar, Semplak. Anjeunna lulusan SDN Curug 3 taun 2009, SMP PGRI 9 taun 2012, SMK Taruna Andigha taun 2015. Ayeuna anjeunna neruskeun kuliah di Universitas Pakuan, jurusan komunikasi. Karesep anjeunna teh nyaeta gagambaran doodle. Anjeunna mun gagambaran doodle teu ngan di kertas hvs, kadang oge di tembok. Nepi ka tembok kamarna oge di gambaran doodle. Olahraga karesep anjeunna teh nyaeta futsal, anjeunna sok rutin futsal sareng rerencanganna anu di SMK. Anjeunna sok nganggo topi warna hideung, kaos oblong, sareng calana levis. 

Biografi Biang

Pun biang namina Aling Julaeha. Landian anjeunna nyaeta Ma Aling atawa Mamah Fajar. Kunaon Mamah Fajar? Ku sabab anjeunna gaduh putra anu namina Fajar. Anjeunna babar di Bandung, kaping 24 Nopember 1963. Ayeuna umur anjeunna 51 tahun. Alamat bumi anjeunna di Jl. Rante Gunungbatu Bogor. Sabumi sareng abdi. Anjeunna teu damel, tapi anjeunna ngadamelan padamelan di bumi sakumaha ibu-ibu biasana. Karesep anjeunna nyaeta karokean dangdut sareng lagu sunda. Lagu sunda anu di pikaresep ku anjeunna judulna teh nyaeta Mawar Bodas. Mun aya acara kawinan, anjeunna osok naek ka panggung tuluy nyanyi di luhur panggung nganggo. Mun anjeunna keur ngarasa bosen, anjeunna sok karokean di bumi nganggo mic sareng speaker. Anjeunna mun di bumi biasa nganggo daster kain. Anjeunna oge jago masak. Emameun anu paling nikmat nu dijieun ku anjeunna nyaeta pepes lauk. 

Biografi Bapa

Pun bapa namina Komar. Landian anjeunna Komar. Singket pisan memangna ge namina. Anjeunna babar di Bandung, kaping 8 Nopember 1957. Ayeuna anjeunna umur 57 taun. Anjeunna pensiunan Kepala Instalasi PDAM Bogor. Alamat bumi anjeunna di Jl. Rante Gunungbatu atawa di daerah Parung. Kunaon kitu? Sabab pun biang sareng pun bapa tos pisah bumi. Ayeuna anjeunna jadi wirausaha sapareng anjeunna pensiun ti PDAM. Anjeunna teh lulusan STM keur baheulana. Karesep anjeunna teh nyaeta mancing lauk. Mun diajakan ku rerencanganna teh sok hayu wae. Anjeunna sok mawakeun abdi lauk emas, atawa gurame pikeun dipasak kanggo emameun abdi sareng lanceuk-lanceuk abdi. Anjeunna osok nganggo peci bodas, kaos oblong sareng calana bahan. Mun anjeunna bade angkat nganggo motor, anjeunna sok nganggo jaket kulit. Anjeunna salah sahiji jalma anu sesah di hubungi. 

Minggu, 30 Agustus 2015

Perjalanan Ka Pantai Ujung Genteng

Kamis, 1 Januari 2015

Abdi angkat ka pantai nu ngaranna Ujung Genteng. Abdi angkat sareng rerencangan abdi sakitar 7 urang. Urang sadayana angkat nganggo motor. Angkat sakitar jam 2 peuting, ku sabab bisi macet akhirna urang sadayana milih jam sakitu. Perjalanan ti Bogor nepi ka Ujung Genteng sakitar 6 jam, teu kabayang basa eta teh carangkeul pisan awak sareng tonggong. Nepi di Ujung Genteng urang sadayana tos bungah ku sabab tos ningali aya pantai di hareupeun soca urang sadayana. Tapi sateuacana ulin di pantai, urang sadayana neangan panginepan kanggo urang sadayana istirahat. Tos kapanggih panginepan, urang sadayana kasarean sadayana. Sampe akhirna, karak hudang jam 7 peuting, ti dinya urang sadayana masak mie kanggo diemam ku sararea. 

Kaisukanana, urang sadayana angkat ka Pulau Penyu nu aya di daerah eta oge. Ku sabab jalan anu urang liwat ancur pisan, Akhirna urang sararea nepi pantai Ujung Gentengna, urang sararea poto-poto, ulinan pasir, ngojay-ngojayan, cipratan-cipratan cai pantai nepi ka lambeuy tos ngarasa asin ku sabab kacaian. Teras saentosna eta urang sararea uih, langsung hiji-hiji gantian ibak. Ku sabab seeur pasir dina awak urang sadayana.

Poe katilu, urang sadayana uih ka Bogor. Sateuacana uih, urag sadayana sasarap nasi uduk di hareupeun panginepan anu dijajakeun ku ibu-ibu nu aya di daerah Ujung Genteng eta. Saentosna selse emam, Abdi, angkat ka Bogor sakitar jam 9 enjing. Perjalanan ti Ujung Genteng nepi ka Bogor salila 10 jam. Ku sabab hujan gede, macet dimana mana. Akhirna nepi ka Bogor peuting sakitar jam 8 peuting.

Senin, 24 Agustus 2015

Senin 24 Agustus 2015

Abdi hudang jam 05.30. Abdi teras sholat subuh langsung mandi. Poe ieu abdi angkat ka sakola sakumaha biasana jam 06.15. Abdi make rok rample poe ieu ku sabab poe ieu abdi upacara. Abdi oge make dasi sareng gesper meh nurutan peraturan nu aya. Nepi sakola jam 06.30 abdi teu kabeurangan, jadina abdi bisa ngiluan upacara. Sakumaha biasana, abdi diajar ti awal pelajaran nepi ka akhir pelajaran. Ti enjing nepi ka sore. Akhirna waktu balik datang oge jam 14.00, abdi langsung balik ka imah ku sabab abdi bade meuli bubur mang mang nu liwat di hareupeun imah abdi sakumaha biasana. Akhirna nepi imah jam 14.35 abdi teu sempet meuli gara gara mang mangna tos liwat saencan abdi nepi ka imah. Ku sabab akhirna abdi mandi, teras langsung emam nu aya di meja makan. Jam 17.45 abdi siap-siap sholat maghrib. Saentosna, abdi langsung nyiapkeun palajaran kanggo isuk. Teras ti eta, abdi ulinan hp sambil nonton tv, jam 22.10 abdi tos tunduh, akhirna abdi sare.

Minggu, 23 Agustus 2015

Minggu, 23 Agustus 2015

Poe ieu abdi hudang jam 9.00. Hudang sare abdi lainna langsung mandi kalakah ngadangukeun musik heula. Ku sabab abdi mager pisan mentang-mentang libur sakola. Tos bosen ngadangukeun lagu abdi meuli pulsa kanggo eusi paket kuota di hp, kanggo ngerjakeun tugas bahasa sunda oge. Akhirna abdi meuli ka deket bumi abdi sakalian jajan pop ice. Nepi imah abdi langsung beberes bumi, sasapu sakalian ngepel. Saberesna eta jam 13.00, abdi teras mandi sakalian nyikat kamar mandi. Ku kituna abdi lila pisan di kamar mandi, nepi kaluar kamar mandi abdi katirisan pisan. Saentosna, abdi langsung emam teu kuat tos leleus pisan atuh da. Saentosna emam, abdi sare beurang. Hudang-hudang sore jam 16.00an abdi langsung ngerjakeun tugas tugas nu sakainget ku abdi. Beres jam 8 abdi langsung emam deui tuluy sare.

Sabtu, 22 Agustus 2015

Poe ieu abdi teu angkat ka sakola, abdi libur sakola tiap poe sabtu. Ku sabab eta abdi karak hudang jam 8.00. Tapi di sakola aya acara ESA, abdi teu ngiluan ku sabab abdi butuh istirahat. Kamari-kamari ieu abdi memang asa teu merenah awak. Hudang sare abdi langsung ngaberesan kamar, teras mandi. Tos selse eta, abdi bingung bade naon. Akhirna abdi  jam 12.00 nonton film, judul film eta teh The Mortal Instrument City Of Bones. Abdi nonton tapi teu beres, ku sabab abdi diajakan ulin ku rerencangan smp abdi. Akhirna abdi mandi teras langsung siap siap. Jam 16.00 abdi angkat ka bumi rerencangan smp abdi nu ngaranna Adis, nepi bumina sakitar jam 17.00 sabab bumina jauh di daerah Ciapus. Abdi ulin di bumina ngan nepi ka jam 20.00. Jam 20.00 liwat abdi uih ka bumi abdi, sabab sieun aya begal di daerah imahna Adis. Nepi bumi, abdi langsung bebersih awak, ganti baju make baju sare, abdi nonton tv sampe akhirna abdi kasarean sakitar jam 21.00.

Jumat 21 Agustus 2015

Abdi hudang jam 5.45. Abdi sholat heula teras mandi. Poe ieu abdi angkat ka sakola make kurudung, teras teu mawa loba palajaran. Sabab, ayeuna memang teu diajar. Ayeuna aya acara lomba lomba 17 Agustusan. Abdi teu ngiluan lomba gara gara lutut abdi aya luka lebam. Akhirna abdi ngan ningali rerencangan nu lain keur lomba. Tapi sateuacana lomba dimulai, abdi sareng rerencangan kelas ngabersihan kelas heula. Program ieu teh di sebatna Jumsih, maksadna teh Jumat bersih. Keur lolombaan jalan, abdi sareng rerencangan abdi nu sami smpna menta dispen jam 9.30 ka smp kanggo nanyakeun ijazah sareng cap 3 jari. Akhirna abdi di bere izin, teras langsung jalan ka smp asal abdi. Nyampe ditu sakitar jam 9.45 abdi kudu motokopi ijazah sareng SKHUN, akhirna abdi motokopi heula sareng rerencangan abdi. Sa entosna abdi ulin di aula smp asal abdi. Tos eta, abdi mampir ka aldomart ngan saukur meuli nginum jeung jajan ciki. Akhirna abdi uih ka bumi jam 15.45, abdi teras langsung mandi, solat maghrib, langsung emam. Ti beres eta abdi ulinan hp sareg nonton tv sakumaha biasana sampe akhirna abdi kasarean sakitar jam 22.45

Kamis, 20 agustus 2015

Poe ieu abdi hudang leuwih awal. Abdi hudang jam 05.00. Abdi mandi enjing-enjing keneh meni tiris kacida. Tos selse siap siap, akhirna abdi angkat ka sakola enjing pisan sakitar jam 06.10. Sakumaha biasana, abdi diajar ti awal pelajaran nepi ka akhir pelajaran. Akhirna tos di waktu balik sakola jam 16.30. Tapi abdi teu langsung balik. Niatna bade ngiluan ekskul heula. Eh nyahona abdi kalakah latihan supporter kanggo acara gamagudabo engke. Saentosna latihan supporter tadi abdi balik ka bumi sakitar jam 16.45, awak oge tos ngerasa teu merenah. Sasampena di bumi jam 17.00, abdi langsung gera mandi. Saentosna mandi abdi ngecek hp, abdi poho kudu kumpul ekskul. Akhirna di pertemuan ka dua abdi teu ngiluan keneh oge. Nepi waktu maghrib abdi solat, saentosna solat abdi ngayasin heula kanggo ngadoakeun almarhum lanceuk abdi nu tos dipanggil ku allah. Saenggeusna abdi ngayasin abdi nyetrika baju seragam kanggo isukan. Saentosna abdi teras bobo ku sabab abdi kacapean

Rabu, 19 Agustus 2015

Abdi hudang leuwih beurang ayeuna jam 06.00, abdi kabeurangan teu sholat subuh. Abdi teras buru-buru mandi teras siap-siap angkat ka sakola. Abdi ge mandi ngan 10 menit. Abdi angkat ka sakola jam 06.20. Nepi sakola abdi jam 6.35 Abdi diajar di kelas ti awal pelajaran nepi ka akhir pelajaran, ti enjing nepi ka beurang. Balik ti sakola sakitar jam 15.30, abdi ka smp asal abdi, bade nanyakeun ijazah sareng cap 3 jari. Tapi pas abdi nyampe di smp, jelema jelema di smp teh tos aruih. Ku kituna abdi langsung balik ka bumi. Nepi bumi sakitar jam 16.30, abdi langsung mandi teras nyiapkeun pelajaran kanggo isukan meh teu rarusuh isukanana. Encan ge mariksaan pr, nyahona tos adzan maghrib, teras abdi solat maghrib. Tos solat maghrib abdi ninggal pelajaran jang isuk, bisi aya pr nu kedah di kerjakeun. Saentosna abdi ngecekan tugas, abdi sasarean sambil ulinan hp, sambil lalajo tv. Jam 10.00 abdi tos tunduh. Akhirna abdi sare.

Selasa, 18 Agustus 2015

Poe ieu abdi hudang jam 05.30 abdi teras sholat subuh saencan abdi mandi. Tos salse sholat, abdi buru-buru mandi meh teu kabeurangan sakola. Saentosna abdi langsung siap siap angkat ka sakola. Abdi angkat ka sakola kurang leuwih jam 06.30, nepi sakola jam 06.45. Abdi diajar ti isuk nepi ka sore. Sampe akhirna waktu balik, jam 15.00. Abdi langsung uih ka bumi, nepi bumi abdi jam 15.45. Abdi teras buru-buru mandi sangkan awak seger. Saentosna mandi abdi  sholat ashar mumpung masih kaburu. Abdi teh sholat ashar sakitar jam 16.30. Saentosna abdi nonton tv nepi ka jam 17.45 abdi langsung siap siap bade sholat maghrib. Beres sholat maghrib, abdi langsung nyiapkeun palajaran sakalian meriksa bisi aya tugas atawa pr kanggo isukan. Teras eta abdi ngarasa patuang kukuruyukan wae, ku sabab abdi lapar can emam ti tadi beurang. Akhirna abdi emam, saentosna emam abdi sasarean sakalian nongton tv. Jam 22.00 abdi tos tunduh, akhirna abdi teras sare.